MOYAN TONGGONG
Oleh: Amran Halim*
Hiji mangsa di bulan Mei. Sababaraha poe Uing di dieu ukur manggih hujan ngaririncik. Seringna parat dugi ka peuting. Saberes subuh teh geus ilaharna ngagoler deui, ngagugulung simbut da baal. Batur ge sarua. Ngararengkol siga hurang na jero simbut. Ngan poe ayeuna mah panon teh asa serab. Aya nu nyorot di luar jandela. Teu karasa waktu nyerelek ka beurang. Panon poe nerekel noongan na jandela.
Uing ngulisik hudang. Nyingkahkeun simbut. Ninyuh kopi. Ceg udud jeung panekerna. Ret ka batur tinggulisik, usik mernahkeun maneh na jero simbut. “Ah uing mah rek moyan tonggong weh bari udud di luar”, gerentes na jero hate.
Reukeeeet….. lawang usik, uing buka. Siga nu beku tiriseun sa peupeuting nahan angin nu hayang asup ka jero imah. Sa awak awakna ngagibrig. Ngareket. Ku Uing dibuka lalaunan da bisi ngaganggu batur nu masih ngarengkol.
Pas bray dibuka, nyaan weh angin tiris rebutan asup ka imah. Nubrukan Uing nu rek kaluar imah. Bulu na leungeun nepi ka ngarorejat harudang. Reuwaseun ka tubruk angin. “Hiiih. Baal kieu. Sugan weh geunaheun moyan tonggong bari ngopi di luar”.
Buru-buru lawang panto ditutupkeun. Brug. Suarana tarik. Da baal, jadi katanagaan teuing. Saberes meundeutkeun lawang, ret panon ngareret ka barudak. Noong na kaca panto. Bisi jadi harudang gara-gara sora panto ngagebrug tarik teuing. Katingali teh anggeur weh, ukur pating gulisik na jero simbut.
Awak malik nukangan panto. Panon langsung melong ka langit biru nu ngajengclang. Herang. Teu aya sapulas bodas awan. Nu ka tingali ukur tapak pesawat terbang. Jurat-jaret ngagarisan langit. Uing reflek nyedot nafas panjang. Suruput kopi diuyup. Kebulna jojogedan ngusapan beungeut. Aaaahhh…. Nafas nepi ka ngebul padahal udud masih na jero pesak.
Maju sababara lengkah tina teras. Panon poe tos nyorot kana taneuh. Tapi aneh, taneuhna teu ngebul siga biasana nu uing nyaho. Ret panon ngareret kana kekembangan, duh meni endah warna warni kembangna ngahias halaman nu teu pati lega. Narangkod na pageur hareup imah. Masih katingali kekerlipan cai embun na daun jeung kelopak bungana.
“Kembang naon eta mni karek ningali. Asa euweuh di lembur nu jiga kitu”.
Angin baal lewat deui nubruk awak uing. Hiiih tiris. Suku reflek ngalengkah ninggalkeun teras nu iuh. Panon poe langsung kareret ku panon. Nepi ka serab. Asa gede panon poe di dieu mah. Ah teuing rarasaan. Brak kopi diteundeun na bangku taman. Udud didudut na jero pesak. Gek diuk nonggongan panon poe. Ayuena mah leungeun geus bebas teu nyeupeungan cangkir kopi. Reflek leungeun silih usap. Ngupahan bulu leungeun nu titadi racung tiriseun.
Udud diseungeut. Kopi disuruput deui. Ret panon ka langit deui. Langit anggeur herang ngagenclang. Biru teu aya sapulas awan ge. Ukur pinuh ku garis lempeung tapak pesawat terbang lewat.
“Langit teh cerah. Panon poe mambra moyan tonggong. Tapi naha anggeur tiris”. Gerentes hate, tarik teuing dugi ka kadenge ku ceuli sorangan.
Suruput deui kopi, kebulna ngahembos kana beungeut. Tuluy sedot udut dikenyot. Kebul udud muleuk da tarik teuing nyedotna. Angin liwat deui. Anggeur baal. Reflek leungeung leuwih rakeut ngeukeupan awak. Katingali na taneuh, kalangkang sorangan siga keur tatangkeupan. Awak malik nyanghareup panon poe. Panon Uing langsung serab ku panon poe nu bolotot.
“Ah ieu mah teu beres”.
Udud jeung paneker diampihan deui kana pesak. Kopi dibawa deui. Bari rada lumpat ninggalkeun pakarangan. Awak beuki ngagibrig hareupen panto. Kopi nepi ka kepyok. Murag saeutik kana suku. Teu ngorejat da geus teu panas. Lawang panto buru-buru dibuka.
Di jero sihoreng barudak geus harudang. Tapi masih ngararengkol na jero simbut. Pada nyileuk ka Uing nu rurusuhan asup pa jero imah.
“Kunaon, Bran?” Tanya saurang, ngawakilan nu sejena.
“Tiris euy di luar. Tadina mah sugan weh haneut moyan tonggong bari ngopi.”
“Hahahaha” barudak sareuri. Neyungseurikeun uing nu satengah nangkeup awak, da hiji leungeuna nyepengan cangkir kopi bari ngagibrig.
“Cik atuh ulah saruakeun jeung di Pangalengan. Apan ieu teh di Den Haag”, Pok hiji batur nu tos lami janten mahasiswa di Leiden.
“Oh…. Kieu nya rasana moyan di musim semi teh? hahahaha” Uing seueurian, ngupahan sorangan.
Bionarasi
Amran Halim, lahir di Cirebon, 23 November 1986. Gede jeung sakola di Kec. Ciledug Kab. Cirebon. Kuliah di UPI Bandung 7 taun. Ka Netherland ngararaga riset Pencak Silat di KITLV Leiden. Salila 10 poe pas musim semi di taun 2014 dibaturan ku anggota PPI Belanda. Meunang pamajikan kembang desa ti Pangalengan. Kantos ngahonor di Kemenpora 7 tahun. Ngadeugkeun PT.Pers Kita Bersama sareng Lukman A Salendra. Tuluy Ngabangun weblog Jurdik.id sareng Doddi Ahmad Fauji. Ayeuna nuju ngarintis Saung Literasi sareng TBM Bina Jati Mandiri di Ciledug, Kab. Cirebon. Hoyongna mah janten Kuwu Desa Jatiseeng, ngabangun masyarakat sareng ngamumule lembur sorangan nu tos lami ditinggalkeun.
Ih nu moyan teh jnten ngagibrig😃😃
Muhun, Bu. Hehehehe
Kutan kitu karaosna pami moyan dina mangsa musim semi di Den Haag mah, Pa? 👍😁
Muhun, Bu. Panon poe teh caang na wungkul teu aya haneut2na pami isuk keneh mah. Hehe. Di Bumi ge masih keneh ngangge penghangat ruangan.
Sambil berdiri dikereta tujuan jakarta kota, baca ini pelan pelan, senyum senyum sendiri saya kang.. hehe
Nuhun kang..
Hehehe. Siap Bang Aldi. Terima kasih