Vonis Hakim Gak Adil
Karya: Uten Sutendy
Dua sobat dalit Didi jeung Dudi keur disidang vonis Hakim di pengadilan. Hakim mèrè vonis:
– Didi 2 bulan kurungan.
– Dudi 2 taun kurungan.
Kasusna:
– Didi mawa kabur Awèwè.
– Dudi mawa kabur Embè.
*Didi*, “Vonis ditampi pak Hakim…”
*Dudi*, “Kaabotan pak Hakim, abdi teu nampi putusana na, maenya ari si Didi mawa kabur AWÈWÈ mung dihukum 2 bulan, ari abdi mawa kabur EMBÈ meni dihukum 2 taun! Abdi protes, teu narima!”.
*Hakim*, “Yeuh, si Didi mah divonis 2 bulan soteh, lantaran wani tanggung-jawab, tuluy daek ngawin. Ari manèh, daek teu ngawin embe? Mun manèh daek, ku kami vonis dirobah hukumana na jadi 2 poè?!?”.
.
.
.
_Wilujeng wayah kieu… Ngopi Ngopiii ngarah ca’aang…_😁
_Sumangeeet!_ ☕
Get the feeling
Hahaha….tiasaaan geuning